Lompat ke isi

Kaca:Wawacan Pangeran Dipati Ukur III.pdf/93

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
    tengan Ratu, anu kagungan wewenang, naha saha nu mariksa jadi hakim, anu baris mutusna.
  1. Adipati mugi sing tingali, Dayeuh Ukur gaduh pangadilan, nu resmi jalanna beres, Dewan Timbangan Agung, anu mingpin kula pribadi, putusan tur hukuman, tingkatan laluhur, diputus ku pangadilan, nu sipatna musawarah anu adil, kalawan asma rayat.
  2. Ronggonoto nambalang jejebris, kaula teh ponggawa Mataram. teu bisa ku kitu bae, hakim nu bisa mutus, lain anjeun hakim pribadi, ngaluhuran Sri Sultan, Panembahan Agung, wani nyanggah kagungan, Karajaan Mataram anu lineuwih, nu ngereh tatar Sunda.
  3. Bari bendu pisaur Dipati, Ratu adil reujeung pala marta, hamo arek kitu bae, ngagugu ka nu burung, nangtayungan jalma cunihin, sanajan kakasihna, mun lampah teu jujur, tanwande tetep disiksa, kadangkala ditibanan hukum pati, Putusan Pangadilan.
  4. Ayeuna mah ulah nyaur deui, mangga bae tumutkeun kaula, paseban parantos ngantos para ponggawa kumpul, balad anjeun pasti ngariring, rengrengan Pangadilan, lalinggih di payun, ngantosan urang duaan, tuh tingali caralik hempak ngabaris, sumangga urang angkat.
  5. Mimitina Ronggonoto cicing, tur kaleked teu daekeun leumpang, ahirna mah eleh deet, henteu wanieun nanduk, tanagana inggis teu mahi, sieuneun kanyahoan, kasurak ku umum, gagah rongkah ngan carita, sombong kosong sakti henteu aya bukti, paur kawiwirangan.
  6. Bangun beurat Ronggonoto indit, tungkul alum muru ka paseban, henteu jauh pernahna teh, ti pendopo beh payun, sarta caket ka lawangkori, rada ngaler meueusan, sisi alun-alun, nembe wanci haneut moyan, di Paseban geus hempak ku nu caralik, jeung tawanan sagala.
  7. Nu di luar ngaregreg prajurit, dibarengan para kapetengan, gagaman mani ranggeteng, tumbak keris jeung duhung, ngajaraga pada caringcing, bisi aya nu baha, barontak rek ngamuk, babari dina numpesna, palataran meh pinuh ku para
93