Lompat ke isi

Kaca:Wawacan Sajarah Khulafaaurrasyidiin II.pdf/100

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus diuji baca
  1. Paribasa seuneu hurung cai caah, urang kudu tarebih, ngadadak sakala, bet aya huru-hara, geus rusuh di jero masjid, karaman tandang, brag-breg pating jarerit.
  2. Nu ti jero ting durugdug lalumpatan, pagelek-gelek bijil, der parebut lawang, jandela panto dordar, barbirber batu pabuis, pemberontakan, nu keuna tingjarerit.
  3. Halipah ge hantem pada maledogan, meh teu iasa usik, sabab kapiuhan, ngajungkel ngagoledag, mastakana ninggang ubin, matak karunya, diburu ku Muslimin.
  4. Babarengan mapayang Halipah Usman, jung dicandak marulih, lebet ka bumina, kaleresan teu anggang, ngarendeng sinareng masjid, di pangkuleman, dijagi ku prajurit.
  5. Pitulungna ti Allah azza wajalla, teu kungsi lami deui, Halipah geus damang, henteu sakara-kara ngersakeun ngimanan deui, cara biasa, netepan sabi hari.
  6. Karaman teh beuki goreng talajakna, bedegong leuwih wani, taya kahormatan, adigung adiguna, Halipah dikepung deui, teu bisa lugay, dikurung jadi hiji.
  7. Umat Islam nu satia ka Halipah, pangpangna urang Yasrib, Muslimin Madinah, beurang peuting jaraga, diaplus terus digilir, Halipah Usman, di bumi tetep linggih.
  8. Ali - Jubir jeung Talhah ngintun putrana, supaya ngiring jagi, ngajaga Halipah, jeung batur babarengan, barudak patinggaridig, tandang jaraga, tumbak palancip-lancip.
  9. Jaragana sakuriling pakarangan, saban lawang dijagi, tempat pangawalan, dina hiji adegan, di unggal lawang sahiji, pantes merenah, beurang peuting sayagi.
  10. Surat dines ku utusan geus dibawa, hubungan itikurih, ka Basrah Siria, rek menta bantuan, gasik dikirim prajurit, tentara Islam, pangawal nu tarapis.