Lompat ke isi

Kaca:Wawacan Sajarah Khulafaaurrasyidiin II.pdf/104

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus diuji baca
  1. Nu kahiji geus ngabunuh, geus maehan hiji Muslim, nu kitu sah dipaehan, geus halal diarah pati kaduana Islam murtad, ngalanggar parentah Gusti.
  2. Golongan anu katilu, nu wajib kudu dipeuncit, jelema milampah salah, lacur carulang-caruling, nu wani ngalanggar syara, tetela lain sim kuring.
  3. Sim kuring bade dibunuh, dipaksa bade dipeuncit, kalawan taya alesan, antawis tilu nu tadi, mun kitu ngabedah adat, matak dilanat ku Gusti.
  4. Emutkeun engke di payun, wawales Nu Maha Suci, nu ngayakeun pembunuhan, akibat tina mateni, papaksa ngarebut jiwa, ahirna pinasti peurih.
  5. Apesna turun-tumurun, matak hina lahir batin, nepi ka lebur kiamat, baris jadi saban usik, mo eureun perang sudara, ti aranjeun nu darengki.
  6. Ku sim kuring geus kamaphum, aranjeun nepi ka wani, rek maehan ka Halipah, geus keuna ku propakasi, geus diasut ku nu lian, supaya Muslimin leungit!”
  7. Cumeluk bari tutunjuk, jigana sina kaharti, sangkan teleb jeung karasa, ku karaman hu ngaruping, sina mengkek amarahna, leler teu rek panas teuing.
  8. Sakitu anu kahatur, nurutkeun jalanna gurit, kapendak dina sajarah Halipah nuju mepeling ka komplot barontak, ngan darma mundur ti Yasrib.


Durma

  1. Dina pupuh anu nembean kaliwat, Halipah keur mepeling, nasehat karaman, nu tetep rek ngalawan, ngarogahala mateni, Halipah Usman, dugi ka mati sahid.
  2. Antawisna nasehat Halipah Usman, mun anjeunna


q

102