Lompat ke isi

Kaca:Wawacan Sajarah Khulafaaurrasyidiin II.pdf/111

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus diuji baca
  1. Tugas tentara Muslimin, mindeng pisan perang rongkah, ngalawan musuh galede, turta lengkep gagamana, sampurna purasena, saperti perang di Uksus, Kartago sareng Lianna.
  2. Geus kitu kersaning Gusti, Pangeran nu sipat Rahman, Muslimin can nyorang kawon, kasoran di medan perang sabalikna sok meunang, geus unggul meakkeun batur, porn na loba pisan.
  3. Tuan Giben hiji ahli, sarjana Barat geus moyan, anjeunna kantos nyarios, rusiah tentara Islam, sababna unggul perang, ku jiwa pahlawan luhur, jeung sumanget perjoangan.
  4. Kajabi sumanget tadi, sareng roh kapahlawanan, kadua pingpinan hade, ti nu jaradi Halipah, saperti Abu Bakar, Umar - Usman nu malashur, barisa milih bawahan.
  5. Rata-rata nu kapilih, ti unggal-unggal angkatan, angkatan darat laut ge, diangkat kana panglima atawa laksamana, kabeh pahlawan jalujur, pejoang anu maroyan.
  6. Pangkuan Giben tadi, dibenerkeun ku baturna, nelah Georges Ropore, sarua bujangga barat, kawentar geus maroyan, nerangkeun Islam teh luhur, ahli nagara jeung perang.
  7. Georges parantos nulis, nerangkeun jajahan Islam, wuwuh lami wuwuh gede, meh kabeh buana tengah, usahana pahlawan, prajurit Islam maranggung, nalika Halipah Umar.
  8. Tapak Amiril Muminin, nalika Halipah Usman, tetela sarta katembong, lebah nyiptakeun armada, Angkatan Laut Islam, di Laut Tengah kaceluk, jasana gede pohara.
  9. Armada Laut teh penting, geus nyieun hiji lantaran, ancurna musuh nu gede, ti tentara karajaan, raja Romana wetan, nu manggung ratusan taun, di Siria jeung Aprika.
  10. Halipah Usman geus nyobi, kungsi ngintunkeun Tentara ka gunung anu pinuh ku es, keur perang di Ajerbijan, ahirna
109