Lompat ke isi

Kaca:Wawacan Sajarah Khulafaaurrasyidiin II.pdf/114

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus diuji baca
  1. Ibnu Holdun nu geus moyan, bujangga Islam progresip, geus ngebrehkeun pamadegan, paham Kures nu kawarti, Yane Kures pribadi, pikeun ngatur tata hukum, dina nagara Islam, ieu wungkul propokasi siasatna bujangga golongan Barat.
  2. Singgetna sistim baraya, enggeus nimbulkeun reaksi, sabagian umat Islam, jasana nepi ka leungit pangpangna nu pandeuri, margina mah nyusun terus, timbul aliran paham, dina cita-cita suci, dikalangan mangrupa-rupa golongan.
  3. Memang oge saleresna, tindakan Usman teh bukti, nimbulkeun sagala paham, kesit aktip sarta kritis, ti Kalangan Muslimin, dina jalan pikeun maju, umat jeung agamana, katembong hirup ngahiji, mawa lancar kana jalan kamajuan.
  4. Jasana Halipah Usman, perelu kudu dipuji, ngaresmiKeun kana Kur’an, nu neraskeun hanca suci, naskahna sidik Kumplit, disusun ku Kangjeng Rasul, Kangjeng Nabi Muhammad, anjeunna pribadi mingpin, jaman Usman nembe diresmikeunana.
  5. Keur Halipah Abu Bakar, harita ge geus mimiti, ngumpulkeun ayat Al Kur’an, dipenta ti saban jalmi, sakapeung ti nu tebih, ahima mah lengkep Kumpul, tina palapah korma, atawa rupaning kulit, dina tulang kapendak nu panglobana.
  6. Tina Al Kur’an Pusaka, nu disimpen beres rapih, dina jaman Abu Bakar, ku Usman sina ditulis, ka Zaed Ibnu Sabit, jeung rencangna jalmi tilu, disalin babarengan, hasilna teh katingali, dikirimkeun ka unggal-unggal nagara.
  7. Hiji ka nagara Mekah, kaduana nagara Damsik, katilu nagara Kupah, Kaopat nagara Mesir, ieu dianggap penting, sabab samemeh dikintun, dina macana Kur’an Saban tempat henteu sami, ayeuna mah Sadayana sairama
  8. Upama henteu usaha, Usman teu marentah nyalin,
112