Ieu kaca geus diuji baca
- Sayid Ali Ibnu Abi Tolib, kapi misan ti Nabi Muhammad, tetela pacaket keneh, tambih jadi minantu, nu ngadahup Patimah geulis, sarta teras puputra, karasep lalucu, Hasan — Husen kakoncara, duanana pahlawan di medan bakti, ngarala ka ramana!
- Sakumaha ti payun ditulis, sajarahna ti Nabi Muhammad. tetela sidik merele, ku sim kuring dijujut, triwayatna Ki Abu Tolib, ramana Ali tea, jeung Abdullah dulur, masih saibu sarama, kasebatna masih wargi pet ku hinis, atawa rayi raka.
- Ti rundayan ibuna teu tebih, henteu anggang sarua ti Mekah, golongan menak ti Kures, turunan nu laluhur, anu ngereh ngaheuyeuk nagri, nelah Siti Patimah, binti Asad Mashur, kakoncara gagah rongkah, sauyunan terah menak Bani Hasyim, gulangkep jeung ramana.
- Kacaturkeun dina hiji wanci, Sayid Ali kantos pacogregan, jeung garwana kantos cekcok, bakuna meureun pundung, anjeunna teh indit ka masjid, teras gegelehean, dumugi ka subuh, Ali teh teu hudang-hudang, salirana mandi lebu mani bujil, jiga pisan diwedak.
- Kangjeng Nabi sabada ningali, minantuna nu leah nangkuban, di masjid teu gasik mios, katurug mandi lebu, ku Anjeunna tuluy dilandih, dipasihan gelaran, lulucon nu lucu, ditelahkeun Abu Turab, maksudna mah minantu nu rujit rungsing, lebu saluar awak.
- Sayid Ali kaasup kahiji, kaduana ti Siti Hodijah, percaya ka Rasulullah, Muhammad Nabi Rasul, Kangjeng Nabi anu sinelir, Ali mah panganomna, nu Islam ti payun, kituna kahartos pisan, kulantaran jeung Nabi sering sabumi, tangti iman ti Heula.
- Kanjeng Nabi parantos wawangsit, yen ALi teh geus manjing suwarga, aya dina rido Allah, kaasup ka sapuluh, ti golongan sahabat Nabi, sahabat nu satia, satuhu ka Rasul, bebenteng Nabi Muhammad, salamina tanggoh wani bela pati, dumugi ka wapatna.
116