Ieu kaca geus diuji baca
- nu murbeng alam kabeh, omat pisan lamun rek nyieun doraka.
- Mun aranjeun aya dina jalan alus, sukur ka Pangeran, sabalikna dina goreng, buru-buru supaya ngayakeun tobat.
- Paneda teh sarerea sing aremut, inget ka baheula, ukur dua tilu bae, tur harita golongan nu panglemahna.
- Pidatona Halipah Ali nu hurung, nyaruaan Usman, oge pepeling nu jero, sangkan umat aya dina kajujuran.
- Sipat Muslim nu satia tur satuhu, gaduh kaiklasan, jiwa tohid anu hade, ngajauhan tina pitenah nu jahat.
- Kaduana panghinaan teu paruguh, cocorokot barang, hak jelema anu sejen, ieu kabeh dipandang keur jahiliah.
- Rupina mah rek nembongkeun nu ti payun, paristiwa Usman, umat Islam nu garoreng, nu ngayakeun pitenah matak bahaya.
- Kaduana ngahina nyeceleh batur, jeung daek rarampas, dianggap milampah goreng, kikituan nimbulkeun malapetaka.
- Kajeun teuing henteu tandes lir ngawujud, pikeun nu waspada, calakan caraang hate, cariosan anjeunna bener ka dinya.
- Sagigireun ngagaduhan sipat wantun, sareng wijaksana, elmuna tetela jero ti nu sanes anjeunna paling nyongcolang.
- Ku Nabi ge mindeng diangkat dijungjung, disebatna gudang, gudangna jampe pamake, pangaweruh nu teu aya di nu lian.
- Najan beurat ahirna bisa dibendung, bisa dihalangan,
125