Ieu kaca geus diuji baca
- tina huru-hara goreng, sakumaha pidato Halipah Usman.
- Karaman teh kuda bodona nganggap cukup, ku wapatna Usman, tur ngangkatna Ali oge, mun diemut mateni teh eta lepat.
- Geus kitu mah maranehna mundur mungkur, mulang ka lemburna, ka nagara nu jarolok, Basrah Kupah ditambah anu ka Pustat.
- Kitu deui harita tacan ngalamun, yen malapetaka, huru-hara kabeh tembong, baris nimpah ka pribadi umat Islam.
- Nu ahirna peperangan bakal nyusul, hiri dengki jahat, pasti bakal tembong kabeh, baris bijil antara Islam jeung Islam.
Mijil
- Pikeun Ali Halipah nu ahir, sarta paling anom, kedah tandang kaayaan poek, nuju krisis nu sipatna ketir, Muslim sareng Muslim, hurung silih rurud.
- Ku anjeunna kudu bisa rapih, Tepeh tengtrem katon, tina hurung bisa beres roes, balik deui lir kuma Sasari, saleresna sulit, tangtu kudu ripuh.
- Seuneu hurung cai caah banjir, kerem geus katemong, maung ngamuk badak meta ngegel, ieu kabeh keur nyobi pamingpin, kudu tiis deui, pareum rapih runtuh.
- Kajadian beurat sarta sulit, memang tangtos repot, sajarah ge da parantos ngotret, taun Hijrah tilu puluh leuwih, jeung genep panambih, Ali baris ripuh.
- Masehina genep ratus leuwih, lima puluh emboh, angka genep keur panambih keneh, lebah dinya ceuk bujangga Ali kudu nampi, nyanghareupan ripuh.
126