Lompat ke isi

Kaca:Wawacan Sajarah Khulafaaurrasyidiin II.pdf/136

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus diuji baca
  1. Reaksi di Mesir timbul, golongan kaom Muslimin, nu saratia ka Usman, unggal usik tinggaridig, ngasruk neangan karaman, pambarontak nu barengis.
  2. Dimana lamun geus tepung, jeung karaman geus panggih, dibelaan kuah darah, henteu dileupaskeun deui, dipasrahkeun ka nagara, supaya dihukum picis.
  3. Gubernur Yaman geus kabur, geus lolos ngantunkeun negeri, tur mawa kas baetalmal, jumlahna henteu saeutik, ceuk beja lumpat ka Mekah, ku nagara diilari.
  4. Ka Yaman terus dikintun, Gubernur jelema ngarti, radikal gagah pertentang, pasagi geus meunang nguji, cocog pisan keur di Yaman, propinsi nu paling kritis.
  5. Ka Siria geus dikintun, Gubernur enggal dikirim, nasibna matak karunya, nu heubeul teu daek indit, ngumando alat nagara, keur ngepung nu nembe sumping.
  6. Gubernur enggal teh kabur, dioyok jeung dibeberik, teu beda Jeung ngepung bangsat, beurang peuting terus ngacir, talanjang ngan kaos Sangsang, saroweh balas tikait.
  7. Jauh ge mo burung cunduk, tebih ge mo burung dugi, ka Madinah kocap datang, laporan ka nu berwajib, Halipah reumbay Cisoca, sedih ningal nu belejid.
  8. Ka upah oge dikepung, Gubernur anu pinilih pertentang ahli nagara, hiji opsir Akademi, guru besar ti Tentara, pamili Halipah Ali.
  9. Teu sangka sagede gunung, nasibna teh leuwih sedih, leuwih wirang ti Siria, ditangkep bade di peuncit, dianggap penjahat perang, untungna geus leupas deui.
  10. Geus kitu kersa nu Agung, sajero aya di buwi, atawa di pangberokan, geus aya nu bela pati, nu nulungan ka anjeunna, ti peuting disina bijil.
134