Ieu kaca geus diuji baca
XI. SIASAT MUAWIAH
Mijil
- Jubah Usman nu pinuh ku getih, ditambih ku ramo, nu baruntung ti garwana keneh, nu ngabela dina rebut pati, nuju dipateni, ku kaom perusuh.
- Sadayana eta barang bukti, digantung di jero, jero masjid nu agrong tur gede, dina mimbar disina ngagawing, sangkan katingali, didongdon ku umum.
- Muawiah usahana rapih, teu kudu digero, rahayat teh beurang peuting saheng, tingalabrul arasup ka masjid, komo nu simpatik, ampir sa-Damaskus.
- Teu katawis hasilna mucekil, sanagara sohor, rahayat teh kantun geumpeur bae, nu ahirna hujan resolusi, narungtut ka Ali, supaya diurus.
- Ku ayana rahayat ngajent, Muawiah atoh, sabalikna pura-pura bae, maksudna mah sangkan leuwih bengis, nungtut ka pamingpin, Halipah teh bingung.
- Sa-Damaskus rahayat teu cicing, lir hayam rek ngendog, tinggalaksak mundar-mandir bae, ting alabrul rame hilir mudik, usul ka pamingpin, ampir saban waktu.
- Muawiah nu ngarti politik, teu kudu ngagero, ngan ku kitu geus laksana kabeh, cita-cita miijid ka Ali, ku rayat diiring, samiuk ngadukung.
- Saurna ge pamugi tingali, rahayat ngalartos pembunuhan bet diantep bae, mun kitu mah Amiril Muminin, bisa jadi ngiring, ngomplot jeung nu burung.
- Kaduana katingali bukti, Halipah coroboh, teu badami, geus sakarep dewek, geus ngirimkeun keur Gubernur Damsik, padahal sim kuring, pan masih ngajentul.
137