Lompat ke isi

Kaca:Wawacan Sajarah Khulafaaurrasyidiin II.pdf/140

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus diuji baca
  1. Lamun kitu Amiril Muminin, euweuh rido Allah, henteu patut rek kudu didénge, malah timbul panasaran ati, nagara bajewid, kadang kala ancur.
  2. Rayat umum komo dipeupeurih, atawa digosok, ti golongan Gubernur nu gede, nu kamashur golongan politik, teu malikir deui, napsuna ger hurung.
  3. Ningal bukti jubah pinuh getih, sareng bukti ramo, jeung karaman nu diantep keneh, pangojokna Muawiah tadi, ku rayat kaharti, yen Ali teu jujur.
  4. Mun kitu mah Amiri Muminin, tetela teu lesot, tina milu milampah nu goreng, kamungkinan jeung karaman jangji, badis sidik bukti, geus ngantep nu burung.
  5. Naon atuh nu jadi hawatir, ngajadikeun kagok, pangna aneh dicicingkeun bae, henteu tandang nitah juru telik, ka daerah indit, nangkepan nu burung.
  6. Mun geus beunang nu goblog darengki, Kagol, dipariksa sing kapanggih kabeh, tur ditungtut nu adil, jeung teu kudu inggis, Hakim nu ngahukum.
  7. Na ieu mah Amiril Muminin, bet jiga nu kagok, buktina teh bet hese beleke, bisa jadi mun anjeunna ngiring, sapongkol ngahiji, ngomplot milu burung.
  8. Tah sakitu kaayaan Damsik, panasna katembong, rahayat teh tingaraleut bae, mundar-mandir teu daraek cicing, meh sabiwir hiji, yen Ali samiuk,
  9. Tah dasarna Gubernur nu sumping, ku rayat di oyok, dianggapna kasalahan gede, margi Ali ngantep ka nu batil, tetela teu adil, sarta milu burung.
  10. Kaduana surat nu dikirim, geus dianggap momok, Muawiah siasatna hade, eta surat dijadikeun bukti, pikeun agitasi, rayat sina ngamuk.
138