Ieu kaca geus diuji baca
- Kajadian pergolakan sengit, tetela katembong ku utusan nu araya keneh, Muawiah can ngidinan balik, taktikna teh lantip, sina milu ngamuk.
- Geus saminggu utusan di Damsik, ukur sina nongton, ngabuktikeun nu keur rame saheng, nu ngaramuk miijid ka Ali, utusan ngalarti, yen bahaya hurung.
- Ti dinya mah Muawiah nulis, tapi ngabobodo, surat kosong diamplopan pae, disetempel cap jabatan asli, jiga surat resmi, kintunan Gubernur.
- Nu eusina teu kurang teu leuwih, ukur surat kosong, alamat mah tetela tur ebreh, surat kuring resmi pikeun Ali, henteu aya deui, ngan ukur sakitu.
- Nu mawana kapala Badewi, katelah Kabisoh, di jalanna rada lila oge, ceuk beja mah ampir tilu sasih, nembe bisa tepi, ka Madinah cunduk.
- Eta surat ku Ali ditampi, tetela olohok, katingalna ngan gogodeg bae, ari margi ti luar mah resmi, cap nagara Damsik, surat ti Gubernur.
- Bray dibuka eta surat resmi, bet kosong molongpong, Ali nyentak ngagero nyenggereng, nu nembongkeun keur bendu jeung nyeri, Kabisoh keur calik, nepi ka rek mundur.
- Pameunteuna meh beureum ngagidir, bari popolotot, ka Kabisoh neuteup sesenggereng, jiga pisan bendu murang-maring, indit lanjang linjing, nyentak pok misaur.
- He Kabisoh sim kuring teu ngarti, coba awak ngomong, pek terangkeun sing ebreh tur eces, aya aneh naha kumawani, surat tanpa eusi, ku naon di banjut.
- Ceuk Kabisoh bari lengas-lengis, maju ngaharempoy, na sim kuring moal baris paeh, ceuk Halipah montong rek watir, pinasti dijamin, pacuan rek paur.
139