Lompat ke isi

Kaca:Wawacan Sajarah Khulafaaurrasyidiin II.pdf/145

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus diuji baca
  1. Ku margi tangtungan rayat, nu satia taat sarta ngalarti, ka Halipah nu, keur napsu, ngagolak amarahna, geus ne- rangkeun taya lian kudu maju, merangan ka Muawiah, Gubernur nu lanca-linci.
  2. Geus aya kepercayaan, sarta kenging dukungan nu pasagi, ti rayat rawuh pangagung, nu aya di Madinah, Halipah teh manahna ngaraos sukur, sabab pamadeganana, kiwari meujeuhna jurit.
  3. Ti dinya gancangna tandang, singkil kesit tekad ngabela diri, Halipah meujeuhna nangtung, ngayonan nu rek perang, Muawiah pangkatna hiji Gubernur, geus wanieun kurang ajar, meujeuhna kudu diusir.
  4. Pangumuman nangtang perang, hiji tawis ngajakan lawan jurit, harita terus diatur, sawewengkon Siria, geus dianggap wilayah kaasup musuh, henteu toat ka nagara, Gubernur kudu diganti.
  5. Panglima Angkatan Perang, nu ngarangkep jeung Amiril Muminin, harita parantos ngatur, nyeluk kabeh Panglima, sadayana dibere bandera tempur, upacara mangkat perang, Halipah mingpin pribadi.
  6. Para Jendral nu rek tandang, geus dilantik sarta teras arindit, pasukanana diatur, kocapkeun kabeh gerak, prajuritna nepi ka puluhan rebu, pasukan demi pasukan, arindit ka medan jurit.
  7. Halipah teu acan puas, ti Madinah dianggap tacan mahi, pasukan anu dikintun, keur merangan Siria, dipandangna leuwih leutik batan musuh, pasti pisan baris beurat, matak tiweuh ka prajurit.
  8. Parentah teras disebar, mangrupikeun instruksi kilat penting, ka saban-saban Gubernut, ka Mesir Basrah Kupad, ditambih ka propinsi nu jarauh, supaya ngirim bantuan, pikeun ngepung kota Damsik.
143