Lompat ke isi

Kaca:Wawacan Sajarah Khulafaaurrasyidiin II.pdf/146

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus diuji baca
  1. Eusina rupa bewara, tur instruksi parentah pikeun jurit, ngintun bantuan nu cukup, merangan Muawia, dianggapna nyeleweng teu daek tunduk, geus ka luar ti Madinah, tur nangtangan lawan jurit.
  2. Kabeh pasukan Madinah, dipariksa diantri hiji-hiji, panglimana di parayun, lautan ti manusa, alun-alun nepi ka ampir teu cukup, Halipah prak biantara, nguatan anu rek jurit.
  3. Para Jendral jeung Panglima, tur prawira prajurit nu miasih, tembongkeun kabeh kawantun, leber wawanen tandang, sim kuring teh merih pati maju tarung, merangan tukang hianat, ngaruksak kaom Muslimin.
  4. Jelema sok ngadu domba, nyieun rusuh di kalangan nu leutik, umat Islam sina ancur, kedah ruksak binasa, tur ngadukeun umat nu toat Satuhu, nu ariman ka Pangeran, supaya leungit beresih.
  5. Muga-muga Nu Kawasa, Maha Suci bade ngersakeun kenging, ka nu iman saratuhu, sinareng karuksakan, pagawean nu hianat tembong ajur, Sampurna mulang ka asal, Muslimin ngahiji deui.
  6. Sanggeus salse biantara, Halipah teh kocapkeun terus mulih. pasukan terus maraju, gerak ka medan perang, ngaleut ngeungkeuy nepi ka puluhan rebu, Jenderal perang gerak tandang indir ngiringkan prajurit.
  7. Kacaturkeun Jubir Talhah, ningal kitu jigana timbul miris, sieuneun kabitur rusuh, narah kadupak perang, pok unjukan ka Halipah seja mundur, seja rek umrah ka Mekah, waktuna rek ngalap haji.
  8. Mung skaitu nu diserat, sarsilahna pangumuman nu penting, nantang perang ngajuk tarung,, ka jelema nu jahat, Muawiah gubernur nu di Damaskus, geus nyeleweng ka nagara, nyieun wirang ka nu mingpin.
144