Ieu kaca geus diuji baca
- Sajarah parantos nulis, Aisah nalika mios, ti Madinah waktu mungkur, samemeh Ali dilantik, malah mah nalika Usman, keur dijorag ku karaman.
- Lanceukna ge katingali, di Madinah katon tembong, parantos ngamuk jeung rusuh, geus tega ngepung pamingpin, merangan Halipah Usman, karaman nelah Muhammad.
- Harita diajak indit, ti Madinah sina mios, Muhammad mugen teu nurut, siang wengi terus aksi, malah nu mingpin karaman, dugi ka Halipah wapat.
- Siasatna tertib rapih, Siti Aisah kasohor, lanceukna diajak mundur, supaya henteu katawis, ngalawan Halipah Usman, komo deui mun mergasa.
- Siti Aisah pribadi, manahna mah sapagodos, nagara Usman nu ngatur, kumargi sistim pamili, golongan Bani Umayah, nu jadi alat nagara.
- Nu mawi anjeunna ngiring, ka nagara geus ngarongrong, ngayakeun aksi tur nungtut, ngagero kaom Muslimin, ngalawan Halipah Usman, supaya anjeunna sadar.
- Terasna gasik diganti, Usman ulah tetep nongkrong, lantaran parantos pikun, jiwana lembek jejerih, teu pantes ngereh nagara, kedah ganti budak ngora.
- Ngan lebah dina mateni, dipaksa dugi ka maot, anjeunan henteu satuju, tetela mani ngajerit, saurna luar dugaan, henteu kitu kapalayna.
- Tah ieu nu mawi indit, ti Madinah meh ngorolos, paur bok bilih dituduh, campur tangan ngiring singkil, jeung karaman babarengan, barontak ngalawan Usman.
- Memangna oge kawatir, anjeunna hu paling nonjol, gaduh cita-cita luhur, kaceluk umu Muslimin, didikan Nabi Muhammad, otakna teh cerdas pisan.
146