Lompat ke isi

Kaca:Wawacan Sajarah Khulafaaurrasyidiin II.pdf/149

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus diuji baca
  1. Paling apal kana hadis, nu asal ti Rasulullah, dugi ka sarebu langkung, jeung dua ratus panambih, sareng sapuluh ahirna, ku anjeunna geus katalar.
  2. Hanjakalna mung saeutik, rupina kawantu anom, sok enggal keuna pangaruh, teu kaop selenting angin, mun beja gampang ditampa, ahirna matak bahaya.
  3. Kangjeng Nabi keur lastari, anjeunna teh masih anom, meh salapan welas taun, komo deui pikeun istri, sentimenna sok mokaha, babari henteu puasan.
  4. Anjeunna teu kersa lali, kajadian hiji waktos, waktu Ali kungsi usul, nyerankeun ka Kangjeng Nabi, Aisah enggal dipirak, ceuk beja bongan geus jinah.
  5. Ieu nu jadi nyungkelit, jigana dugi ka maot, anjeunna sumeja nungtut, males ka Halipah Ali, bahanna pikeun ngalawan, perkara Halipah Usman.
  6. Teu kenging dibeuli-beuli, dicombo ku Rasulullah, diterangkeun dina wahyu, yen anjeunna suci murni, Aisah tetep ngabantah, ka Ali teu kersa robah.
  7. Saurna teh matak isin, sanajan suci ceuk Allah, ti harita terus bendu, henteu lali mika-ijid, aya jalan komo meuntas, najan kudu huru-hara.
  8. Tah ieu nu jadi margi, di Mekah keur aya wartos, Halipah Usman geus pupus, tur Ali nu jadi ganti, anjeunna timbul amarah, teu ngangken Aji Halipah.
  9. Anjeunan teh mika-ijid, nganggapna kabeh garelo, Usman teu kudu dibunuh, ka Ali nya kitu deui, leleda teu gancang tandang, ngahukuman kanu salah.
  10. Pamadegan Sayid Ali, nu sipatna ukur ngantos, henteu buru-buru nungtut, dianggapna keji kecing, lemah taya pangawasa, teu bisa jadi Halipah.
147