Lompat ke isi

Kaca:Wawacan Sajarah Khulafaaurrasyidiin II.pdf/150

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus diuji baca
  1. Jadi Amiril Muminin, gagah rongkah cukup cocog, pahlawan gede pangaruh, taya deui lintang Jubir, keur ngora loba kabisa, kapetengan umat Islam.
  2. Sakitu anu digurit, ngeunaan pupuh wirangrong, lalampahan bedangpundung, tilu pamingpin nu aksi, Aisah Jubir jeung Talhah, malungkur pindah ka Mekah.


Pangkur

  1. Ka Mekah Talhah geus datang, kitu deui Abu Jubir geus tepi, jeung Aisah geus patepung, tembong saruka bungah, gunem catur sosonoan anyar tepung, nu jadi bahan obrolan, nerangkeun Madinah rujit.
  2. Nu nguping teh teu saurang, ceuk Aisah di Mekah oge sami, kaayaan geus meh hurung, karasana geus panas, sabab beja juljol ti kenca katuhu, narerangkeun di Madinah, perkawis Usman jeung Ali.
  3. Aranjeun terang sorangan, barometer ukuran yen geus kritis, digeunjleungkeun beja umum, tacan puguh sumberna, sok hawatir dijieun ku nu barurung, nu matak geura nyarita, aranjeun terang pribadi.
  4. Daradad Talhah nyarita, gunta-ganti dibarengan ku Jubir, pepeta sinareng napsu, ambek bengkah jeung Madinah, bendu ka Halipah Ali.
  5. Sanggemna teh nu kawarta, di Madinah Kaayaan geus genting, saban waktu timbul rusuh, beunkeutan nyata rusak, kajujuran kabatilan campur baur, hianat marajalela, sirik pidik geus ngajadi.
  6. Nu lemah ngarasa susah, nu laleutik kantun sedih prihatin, gulak gileuk kantun bingung, teu puguh nu dicabak,
148