Lompat ke isi

Kaca:Wawacan Sajarah Khulafaaurrasyidiin II.pdf/151

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus diuji baca
    na mah timbul geumpeur teu paruguh, geus teu ngurus kawajiban, ngan wungkul bingung jeung risi.
  1. Nu matak gaduh emutan, taya deui nu kudu tandang nyaring, sanggup nungtun reujeung ngurus, Mekah ngoper pingpinan, tur ngayakeun tindakan urusan hukum, nu nyiksa Halipah Usman, beunangkeun sina beresih.
  2. Ayana anjuran Talhah, sareng Jubir di Mekah timbul deui, golongan pihak katilu, nu jadi pemberontak, rayat Mekah tetela keuna pangaruh, ngumumkeun siap sayaga, wani tarung lawan jurit.
  3. Pandaftaran geus di buka, saban menit pahibut heurin usik, Abu Talhah anu ngatur, sareng Siti Aisah, nu geus daftar nepi ka puluhan rebu, sadia jadi tentara, wanita ge geuning sami.
  4. Ngayakeun babadamian, tur mutuskeun yen Basrah nu kahiji, ti payun kudu direbut, ti heula kedah beunang, ti Basrah mah babari keur ngatur tarung, ngarebut kota Madinah, ti leungeun Halipah Ali.
  5. Lantaran di kota Basrah, Ibnu Amir Gubernur nu diganti, pangaruhna masih alus, sarene sahabat Usman, nu di Basrah pangaruh masih cukup, sakali ngajorag beunang, tur teu, kudu banjir getih.
  6. Gubernur Amir ti Basrah, jeung Al'Ala ti Yaman nu diganti, duanana geus malabur, geus ngahiji di Mekah, mawa duit jumlahna ratusan rebu, mangrupakeun kas nagara, geus aya di leungeun Jubir.
  7. Diaranggo modal perang; kahijina keur ngagajih prajurit, cukup keur puluhan rebu, kaduana gagaman, alat perang, perlengkepan nu perelu, pedang panah baju waja, gada keris reujeung bandring.
  8. Katilu obat-obatan, kaopatna angkutan nu parenting,
149