Lompat ke isi

Kaca:Wawacan Sajarah Khulafaaurrasyidiin II.pdf/162

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus diuji baca
  1. Kota Basrah dikurung nepi ka beurang, diatur rekep rapih, jalan nu ti heula, sakabeh parapatan, geus dipager ku prajurit, kaom karaman, kesit pating garidig.
  2. Kitu deui nasibna alat nagara, dipilih nu parenting, dianggap bahaya, beresih ditangkepan, digiring ngaleut ka tangsi, dipangberokan, nepi ka heurin usik.
  3. Kota Basrah diereh ku Abu Talhah, duaan sareng Jubir, anu kumawasa, ngatur pamarentahan, najan ukur sapropinsi, modal berjoang, dianggap leuwih penting.
  4. Sanggeus kitu prak ngayakeun panungtutan, pamariksaan bengis, nu jadi komplotan, anu nelasan Usman, hukum darurat nu keji, sawenang-wenang, rahayat ting jarerit.
  5. Nu disiksa geus genep ratus jelema, ditungtut hukum pati, taya nu ngabela, sumawonna ngalawan, nu warani naek banding, mundur perkara, hukuman repolusi.
  6. Gubernur mah bubuhan aya jasana, dihukum rada adil, henteu ditelasan, hampang ukur disiksa, masih keneh bisa mulih, sanajan hina, sanajan nyeri peurih.
  7. Gubernur teh disiksana digundulan, janggot kumis dikerik, nya kitu halisna, tambah ditalanjangan, dibanda meh beurang peuting, diusir pisan, henteu mangrupi jalmi.
  8. Dituluykeun diiring diarak-arak, dideugdeug kabeh jalmi, ngurilingan kota, geus anggang sina lumpat, kudu nurut lumpat ngacir, Saparan-paran, salirana belejid.
  9. Kaleresan asup ka lembur nu aman, pitulung Maha Suci, aya nu narima, tur gancang disalinan, kocapkeun geus ginding deui, taya halisan, ruramba kumis leungit.
  10. Beurang peuting anjeunna teu liren lumpat, jeung rawah-riwih nangis, kocapkeun geus datang, ka markas perkemahan, asrama Halipah Ali, di kota Nejaj, Halipah ngiring sedih.
160