Lompat ke isi

Kaca:Wawacan Sajarah Khulafaaurrasyidiin II.pdf/163

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus diuji baca
  1. Talhah Jubir geus ngarebut kota Basrah, ceuk itungan Masehi, ping salapan welas, Oktober pertengahan, taun genep ratus Jeuwih, lima puluhan, angka genep panambih.
  2. Taun Hijrah tetela aya ringkukna, di handap rek ditulis, ping opat likurna, bulan Rabiul Awal, taun tilu puluh leuwih, genep langkungna, Islam keur repolusi.
  3. Harita teh pemberontak ngintun serat, ka Siria jeung Mesir, nerangkeun gambaran, nembongkeun kaunggulan, Siti Aisah teu cicing, sami nyeratan, eusina leuwih penting.
  4. Ditujukeun ka Madinah jeung ka Kupah, ka Yaman oge sami, ngagero rahayat, dipenta sina misah, supaya ninggalkeun Ali, nungtut balesan, nu salah kudu nyingkir.
  5. Karaman teh nu nelasan sayid Usman, supaya gasik leungit, supaya bareunang, kusabab harianat sanajan Halipah Ali, lamun hianat, tangkep gasik pateni.
  6. Rayat Basrah sarerea ku kudu beat, ka Talhah jeung ka Jubir, geus abrul-abrulan, nepi ka sanagara, beurang peuting silih ganti, tunduk satia, sieuneun dipateni.
  7. Keur nyingkahan sakwasangka jeung curiga, ka Talhah jeung ka Jubir, dina kadudukan, ngatur pamarentahan, putrana teh silih ganti, jaradi imam, tembong layeut ngahiji.
  8. Rasa cinta ti rahayat can katingal, ka Talhah jeung ka Jubir, komo sanggeus ngancam, ngayakeun peperangan, ngajorag Halipah Ali, rahayat nolak, narah marilu jurit.
  9. Ku kituna sumanget Jubir jeung Talhah, ngurangan jadi kecing, katambah teu lila, geus 4Y2 pangumuman, tentara nagara resmi, mo lila datang, ngahaja bade jurit.
  10. Talhah Jubir geumpeurna sidik katingal, tetela miris gimir, inggis bener datang, sok komo diperangan, ku beja ge geus ngalacir, paheula-heula, mungkur teu ngusap birit.
161