Ieu kaca geus diuji baca
XIV. PERJOANGAN ONTA.
Pangkur
- Di luhur nyata tetela, diterangkeun yen pasukan ti Ali, geus aya di sisi gunung, aya di kota Nejaj, keur nungguan bantuan ti nu jarauh, ti Kupah sinareng Yaman, ditambih ti nagri Mesir.
- Di mana bala bantuan, sadayana geus datang lengkep kumplit, di dinya karek ngarurug, ngajorag kota Basrah, ngan hanjakal sanajan bantuan cunduk, pasukanana teu kuat, jeung musuhna teu sabanding.
- Kupah ge dikirim surat, eusina teh maksa sarta meredih, bantuan anu dipundut, pikeun pisabilillah, tentarana pilihan arahli tarung, biasana makalangan, nu warani mandi getih.
- Halipah geus ngajangjian, kota Kupah keur Amiril Muminin, mo lami bade diwangun, pusat nagara Islam, ditangtukeun ku Halipah geus ditunjuk, keur pusat pamarentahan, ti Madinah baris ngalih.
- Ku kituna nu diteda, penting pisan prajurit gasik kirim, uhuwah sangkan kaurus, mahabah lir biasa, mangrupakeun beungkeutan kukuh diatur, ti golongan nu ariman, bisa dihirupkeun deui.
- Aya ku matak hanjakal, jigana mah cocobi Maha Suci, naha Halipah teu husu, cengeng manteng tekadna, buktina ge pangajak pamingpin agung, Kapala Nagara Islam, di Kupah taya nu nampi.
- Tinangtu bisa kagambar, ku urang ge meureun yakin Kaharti, ngaran nu jadi penduduk, sipat hiji nagara, tangtu timbul golongan reujeung Pangaruh, sareng rupa-rupa paham, atawa partey politik.
- Sabagian pamadegan, geus katarik ku aliran politik,
162