Lompat ke isi

Kaca:Wawacan Sajarah Khulafaaurrasyidiin II.pdf/167

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus diuji baca
    bakal nambihan pangaruh, ku jalan nyieun pitnah, ngagorengkeun jenengan Ali nu manggung dianggapna kurang wajar, Halipah Ali teu adil.
  1. Atawa beurat sabeulah, bukti tembong curang licik teu adil, dianggapna ngukut musuh, karaman anti Usman, campur baur jeung prajurit ragem kumpul, ngahaja ditangtayungan, tah ieu kapaur Ali.
  2. Komando Panglima Perang, geus ngumumkeun pasukan sina cicing, isitirahat di nu iuh, tempat anggang ti Basrah, masanggrahan bari nganti-nganti waktu, Jendralna nelah Kukaha, diparentah taki-taki.
  3. Kukaha hiji Panglima, kamashurkeun gagah perkasa wani, harita terus diutus, nyampeurkeun ka karaman, maksudna mah rek nyegah bok bisi tarung, ku jalan babadamian, sangkan bisa repeh rapih.
  4. Kukaha teh kocap miang, diiringkeun pirang-pirang opisir, di jalanna teu kacatur, geus patepang jeung lawan, Talhah Jubir harita nuju karumpul, ngawitan babadamian, juru basa sami nyangking.
  5. Juru catet geus sayaga, masing-masing duanana pasagi, juru pisah oge cunduk, nyaksi babadamian, sadayana gagaman lesot arucul, keur ngajaga kamungkinan, bok bilih nepi ka jurit.
  6. Sakitu anu diserat, nu rundingan pihak Talhah jeung Ali, nyokot tempat sisi gunung, ti Basrah henteu anggane, matak paur bubuhan tentara wungkul, sok inggis maresat pedang, badami darma rek tanding.


Durma

  1. Matak heran tingkah laku urang Mekah, teles angen barengis, geus wani maehan, meh genep ratus urang, disiksa jeung dinyenyeri, rahayat Basrah, tetela henteu adil.
165