Lompat ke isi

Kaca:Wawacan Sajarah Khulafaaurrasyidiin II.pdf/169

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus diuji baca
  1. Kakuatan Siti Aisah jeung Talhah, ditambih Abu Jubir, tilu tikel pisan, leuwih gede ti Astar, pasukan Astar mah leutik tapi garagah, warani perang tanding.
  2. Talhah Jubir Aisah teras barontak, nyerang Halipah Ali, nu jadi alesan, nungtut pemberontakan, karejem wani mateni, Halipah Usman, jadi dasar politik
  3. Astar sareng Muhammad bin Abu. Bakar, ditambih sanes deui, geus nelasan Usman, jadi marga lantaran, bonganna sistim pamili, ngangkat golongan, nu saries teu dipikit.
  4. Ari Talhah Jubir jeung Siti Aisah, nyerang Halipah Ali, sababna narolak, yen Halipah henteu sah, Halipah Ali teu cicing, minang saraya, ka Astar jalmi keji.
  5. Abu Astar jeung Muhammad caruriga, lamun teras badami, Halipah jeung ‘Talhah, basana peu cilaka, nu pasti teu kenging mungkir, kudu narima, ku musuh dipateni.
  6. Abu Astar jeung Muhammad geus mupakat, tekad ngabela diri, samemeh sumerah, tanggoh ngalawan heula, rek ngajorag Talhah Jubir, Siti Aisah, rek dibasmi beresih.
  7. Rek dikepung jeung dihadang waktu pajar, supaya teu kaciri, di mana der perang, musuh: tangtu ngaduga, nu nyerang Halipah Ali, Siti Aisah, pasti ngalawan jurit.
  8. Pihak Ali jeung musuhna nu ti Basrah, Aisah Talhah Jubir, geus silih hareupan, awas patingal-tingal, jiga nu hayang ngahiji, geus silih gupay, ciri warening galih.
  9. Harita bener-bener kajadian, sasihna Januari, taunna kawarta nembe genep ratusan, lima puluh tujuh mahim taun umumna, ceuk itungan Masehi.
  10. Mun nurutekeun ceuk etangan taun Hijrah, ningal sajarah resmi, taunna diserat, tilu puluh genepan, tetela teu acan lami tacan saabad, ti pupus Kangjeng Nabi.
167