Lompat ke isi

Kaca:Wawacan Sajarah Khulafaaurrasyidiin II.pdf/188

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus diuji baca
  1. Keur aing mah henteu jadi rugi, sabalikna atoh, sabab musuh nu dianggap gede, pangdeukeutna ti nagara Mesir, nya Gubernur Kois, tetela geus kabur.
  2. Nu sejenna araya di Mesir, teu matak hawatos, dianggapna rayat leutik bae, nu yakin mah kumaha ceuk aing, teu dianggap penting, pasti kana nurut.
  3. Kakuatan Muawiah nambih, tanagana tembong, nu dianggap musuhna galede, nu bijilna ti nagara Mesir, kiwari geus indit, dipandangna mulus.
  4. Kaduana anu paling penting, ayeuna geus katon, kauntungan Muawiah keneh, panindesan ti Halipah Ali, ka Talhah Jeung Jubir, Aisah ge kitu.
  5. Ku ayana dordar perang tanding, dugi ka maraot, nu korbanna rada sede, oge geus sapuluh rebu jalmi leuwih, saha anu rugi, tur saha nu untung.
  6. Pihak Talhalh Aisah jeung Jubir, mugi teu paroho, sami bae rencang Ali keneh, misah soten kumargi politik, Ali yakin rugi, Muawiah untung.
  7. Talhah Jubir lamun can lastari, lawan nu arabot, keur Ali mah bantuan nu gede, Muawiah moal bisa hasil, mo bisa kapilih, tangtu kudu mundur.
  8. Ku kituna Muawiah seuri, nganggapna geus kosong, ku lantaran musuhna nu gede, sadayana parantos lastari, nu kantun mung Ali, teu jadi kapaur.
  9. Kauntungan keur taktik politik, tetela geus katon, Muawiah ngeunah deui bae, margi Ali geus jadi ngahiji, jeung karaman bengis, Komplotan parusuh.
  10. Ieu bahan nya kaasup penting, keur modal ngabohong, sangkan umat ngarewaeun kabeh, ka Halipah sangkan mikaijid, Jauh teu ngahiji, kitu ceuk nu burung.
186