Lompat ke isi

Kaca:Wawacan Sajarah Khulafaaurrasyidiin II.pdf/196

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus diuji baca
  1. Saleresna anu jadi kapalayna, rekep dibungkus buni, soal kalungguhan, hayang jadi Halipah, anu matak beurang peuting, geus banting tulang, mitnah Halipah Ali.
  2. Pasukan teh geus amprok di medan perang, di Padang pasir Sipin, kuloneun Arakah, pasukan Muawiah, ngalawan pasukan Ali, sarua Islam, tetela sami wani.
  3. Duanana dina taktik peperangan, bubuhan pada ahli, ti jaman baheula, Ali ahli siasat, salamina unggul jurit, bentang lapangan, Muawiah meh sisip.
  4. Harita ge anjeunna nyongcolang pisan, Jendral Amru meh miris, taktikna dirobah, ngagunakeun gerilya, teu ngayakeun perang tanding, ancur-ancuran, jurit papelit-pelit,
  5. Tilu bulan darder perang leuleutikan, beurang peuting teu cicing, geus Jegal-jegalan, Islam sinareng Islam, paamprok di medan Sipin, barata yuda, korbanna teu saeutik.
  6. Jendral Ali beurang peuting ngiring tandang, di lebet tilu sasih, saban pertempuran, pasukan anu meunang, pasukan Halipah Ali, ti Muawiah, tipuh marandi getih.
  7. Ningal korban Halipah ampir teu nangan, manahna sering nangis, ceuk emutanana, duanana ge Islam, gempar ku korban Politik, nu tanggung jawab, tetep nya kudu aing.
  8. Muawiah ku anjeunna ditangtangan, diajak perang tanding, rek paduduaan, tong loba teuing korban, ti dua golongan sami, sarua Islam, kapentingan Pamingpin.
  9. Muawiah terangan yen ALi gagah, bantengna medan jurit, anjeunna geus nolak, teu wantuneun ngalawan, majar maneh lain tanding, ngalawan jendral, lain lawaneun aing.
  10. Diteraskeun Perang campuh bebeakan, geus dordar saban menit, pedang lawan pedang tumbak ngalawan tumbak,
194