Ieu kaca geus diuji baca
- ieu ngan siasat, taktik Amru ibnul Ash, henteu jeung hate beresih, tetela jahat, teruskeun lawan junit.
- Jendral Amru geus sieuneun eleh perang, Kaduana geus suet nenjo Muawiah, wani ngahina Kur’an, sering pisan jalir jangji, teu gancang beat, kawas lain Muslimin.
- Prajuritna ting jerewet gegeroan, nyebutkeun teu warani, ngalawan Al Kur’an, malah geus sabalikna, ngancam ka Halipah Ali, teu beda Usman, mun maksa dipateni.
- Kukituna Halipah Ali kapaksa, geus nurut ka prajurit, sanajan tetela, jalan babadamian, nu pasti moal rek hasil, moal sampurna, wirang lamun teu jadi.
Wirangrong
- Halipah Ali meh nangis, baluweng katurug bengong, jiga nu keur linglung bingung, ngalamun tetep teu ngarti, hemengeun ku anak buah, sumerah alat siasat.
- Anjeunna parantos yakin, katembong sidik geus katon, Pagawean gurung gusuh, dipikir dibulak-balik, musawarah nu kapaksa, hasilna moal sampurna.
- Sanajan bari jeung sedih, kapaksa kudu nyarios, nembongkeun yen ahli hukum, ukur ngunyem kemak-kemik, lalaunan kurang atra, netelakeun teu jeung manah.
- Ka sing saha nu keur pusing, sok komo ka nu keur sewot, ngajawabna tara Puguh, uruskeun karep pribadi, musawarah pek ladenan, pek turutkeun sakersana.
- Prajuritna baradami, ngarayakeun adu renyom, silih tunjuk jeung sabatur, marilih ahli perkawis, nu barisa cumarita, diplomat gagah pertengtang.
- Abu Musa al As'ari, tetela mucul kapeto, maju jadi196