Lompat ke isi

Kaca:Wawacan Sajarah Khulafaaurrasyidiin II.pdf/199

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus diuji baca
    ahli hukum, kapercaya pikeun wakil, nyanghareupan musawarah ngayakeun babadamian.
  1. Abu Musa sidik yakin, anjeunna teh moal poho, Kalipah Ali nu manggung, nu baris bisa kapilih, kulantaran bijaksana, tur nyaahan ka rahayat.
  2. Hanjakal waktu pasini, geus maju patorong-torong, sarerea matak paur, sanes layan sanes tanding, Abu Musa geus kasoran, can terangeun pangalaman.
  3. Pangkatna ngan juru tulis, tukang ngarang paririmbon, untungna nyieunan buku, teu ngarti kana politik, sok komo kanagaraan, adu renyom tara pisan.
  4. Jendral Amru beda deui, ahli perang tembong kahot, ngolotok perkawis hukum, hukum perang jeung’ politik, siasat jalanna perang, tur apal tata nagara.
  5. Amru As’ari sareuri, duanana sapatotos, badami teh sasih payun, Ramadon kaping sahiji, Ali sareng Muawiah, kudu hade lir biasa.
  6. Sarua sami Muslimin, kekentong pada kekentong, pamingpin papayung agung, panyaluuhan nu leutik, aya dina peperangan, marebutkeun kalungguhan.
  7. Korbanna henteu saeutik, nepi ka mangewon-ewon dua nana sami ripuh, geus minuhan medan bakti, maraot di pangperangan, politik teh nyata jahat.
  8. Tempatna geusan badami, milin kota anu cocog, nu kapilih kota Adruh, ti Ma’an — Petra ge tebih, di jalanan ka Madinah, ka Damaskus jeung Siria.
  9. Taunna anu kawarti, tetela sarta katembong, dina taun genep ratus, lima pulvh masih tambih, panutup angka dalapan, Masehi pikeun ugeran.
  10. Amru ahli diplomasi, Musa ahirna kagelo, dibobodo
197