Ieu kaca geus diuji baca
- dicacar bolang, sakur nu tembong kapanggih, saurang taya nu nyesa, rahayat katulung deui.
- Dibasmi lainna ancur, ngarembet ka saban nagri, jeung leungit malah nerekab, ngancamna ge moal cicing, karajaan bakal datang, baris mingpin ieu nagri.
- Hasil badami kapungkur, nalika Ali can mingpin, keur waktu: Halipah Usman, harita marudah deui, musuh Islam saban tempat, musingkeun ka nu keur mingpin.
- Halipah ngarasa bingung, loba teuing nu ngarungsing, pangaco saban nagara, ditumpes barijil deui, neda hidayah Pangeran, nu nyatru supaya leungit.
203