Ieu kaca geus diuji baca
XVII. RIWEUH DI MANA-MANA.
Magatru
- Rek malikan sajarah nu kapungkur, keur jaman Kois di Mesir, nalika jadi Gubernur, anjeunna geus kungsi seungit, ku rahayat geus kaanggo.
- Hiji bukti yen Kois gede pangaruh, nalika rahayat Mesir, ka anjeunna terus nungtut, musuh Usman sangkan leungit, dilawan ku handap asor.
- Diterangkeun sagala kudu jeung sukur, sing percaya ka pamingpin, sagala baris diurus, nunggu waktu nu mustari, nu salah tangtu kabendon.
- Ku sakitu rahayat Mesir geus nurut, ka anjeunna geus miajrih, hanjakal ku nu barurung, Muawiah jail dengki, wani mitnah sosorobot.
- Teu kapalang Muawiah terus asup, ngacokeun nagara Mesir, unggal tempat geus diasut, ngawiwirang nu keur mingpin, yen Kois Gubernur tolol.
- Akibatna Abu Kois enggeus rurud, ka Madinah kudu balik, Muhammad Jali Gubernur, dikirim ka nagri Mesir, Muawiah seuri keprok.
- Muhammad teh bin Abu Bakar almarhum, Halipah anu kahiji, anjeunna geus milu campur, Usman nepi ka lastari, ku karaman dikoroyok.
- Jeung Kois mah Muhammad atuh pajauh, siasatna henteu sami, Kois mah ku lemah lembut, Muhammad ku jalan bengis, ku rayat teu dipiwanoh.
- Politisi nu warani ngagurutu, ku Muhammad geus diusir, atawa dipaksa tunduk, beat ka Halipah Ali, saharita kudu buktos.204