Lompat ke isi

Kaca:Wawacan Sajarah Khulafaaurrasyidiin II.pdf/207

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus diuji baca
  1. Harita mah maranehna jiga nurut, di tukangeun ting jarebi, sabalikna geus diatur, nunggu kaayaan Sipin, ahirna baris digenjot.
  2. Muawiah sanggeus rundingan di Adruh, di Siria raos calik, malah anjeunna teh ngatur, gerakan nu teu kaciri, Muhammad rek disorobot.
  3. Dalangna mah di Mesir sanajan jauh, tetep bae geuning hiji, Muawiah nu geus ngatur, surat merul saban wanci, ditampa ku nu garelo.
  4. Sabotase di Mesir mah saban waktu, subpersip lamun kiwari, rahayat geus tinggurutu, misengit Halipah Ali, Muawiah mah ngaheot.
  5. Perlengkapan gagaman perang dikintun, sandang pangan reujeung duit, ka Mesir kocap geus cunduk, markas gelap anu nampi, Muhammad mah tetep bongoh.
  6. Henteu sangka alat nagara marilu, samiuk teu mikir deui, ka Gubernur malik musuh, ka Halipah Ali sami, pangaruh duit morongos.
  7. Ku gubernur lami-lami geus kabitur, ditangkepan hiji-hiji, sawatara waktu tunduk, geus lami marudah deui, anehna taya kakapok.
  8. Beuki lila karasana beuki hurung, cucunguk kabeh ngahiji, sabotase tultel timbul, suasana werit rujit, Muawiah nu ngomando.
  9. Nu dikintun paingan Panglima Amaru nagri Mesir, untungna ti Bijantium, nu dianggap matak watir, ti heula nu disorobot.
  10. Kajadian kauninga ku Gubernur, teu lami ngirim prajurit, ka Kupah kocap carunduk, Halipah Ali mah nangis, yen Mesir maceuh dirongrong.
205