Ieu kaca geus diuji baca
- Abu Kois teu lami terus diceluk, supaya indit ka Mesir diangkat deui Gubernur, Muhammad keuna retuling, Kois nolak majar repot.
- Sanggem Kois Astar bae nu ditunjuk, diangkat Gubernur Mesir, Halipah rempug satuju, Astar teh diceluk sumping, teu lami paamprok jonghok.
- Astar oge sami bae nu geus ngamuk, karaman nu wani meuncit, Halipah Usman almarhum, jeung Muhammad Zeus sairing, tinantu moal kaanggo.
- Astar nekad ka Mesir sumeja cunduk, tapi kadar Maha Suci, di jalan aya nu nipu, geus diracun ku Badewi, di jalan ngagoler maot.
- Kanyahoan dalangna nu ngatur racun, Badewi ngan ukur kuli, Muawiah kejem hasud, teu beda jalmi teu eling, geus ngalanggar hukum Allah.
- Halipah teh nangis dugi ka sumegruk, saurna ku matak nyeri, tinimbang kudu diracun, leuwih hade perang tanding, Sanajan kudu ngajohjor.
- Saterasna Halipah Ali mihatur, ka prajuritna rek indit, yen Muhammad kudu terus, ten kenging incah ti Mesir, utusan parantos mios.
- Ka Mesirna utusan Kocapkeun cunduk, ku Gubernur geus katampi, ceuk anjeunna moal mundur, najan kudu mandi getih, rek nurutkeun Kadar Allah.
- Beurang peuting Gubernur teu liren ngatur, pagawe teu kenging tebih, saban waktu terus kumpul, Gubernurna geus dijagi, piket gentos saban waktos.
- Rahayat ge nu satia milu Campur, saban tempat kesit jagi, siang wengi terus aplus, gagaman taya nu kari, pedang tumbak teu lalesot.
206