Lompat ke isi

Kaca:Wawacan Sajarah Khulafaaurrasyidiin II.pdf/210

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus diuji baca
  1. Nyaah teuing ku Gubernur Mesir, sabadana maot, prak dibungkus dina kulit kalde, digebruskeun kana seuney tadi, bareng jeung prajurit, dibubuy lir lauk.
  2. Kakejeman nu sarupa tadi, nembean katembong, tur ieu mah sagolongan keneh, itu ieu sarua Muslimin, lantaran Politik, wani kejem kitu.
  3. Nu harirup jumlahna saeutik, kitu ge karolot, nu dipandang geus lalindeuk kabeh, geus dihina karek kenging balik, ampun matak sedih parinuh ku tatu.
  4. Muawiah ngeunah angen seuri, ieu aing jago, nagri Mesir taluk geus diereh, nu bingung mah ngan Halipah Ali, keur ngarebut deui, tanagana ancur.
  5. Jendral Amru bukti dua kali, ka Mesir nyorobot, kahijina keur Umar nu ngereh, kaduana nya sidik kiwari, keur Halipah Ali, Amru tetep punjul.
  6. Harita teh hitungan Masehi, ceuk catetan tambo, dina taun genep ratus keneh, lima puluh salapan mah ahir, taunan Masehi, geus mucuk katung tung.
  7. Di Mesir mah keur Halipah Ali, tetela geus kosong, ngagantungkeun harapan ge hese, pangaruhna kaciri geus leungit, hasil jahat licik, Muawiah manggung.
  8. Hawarid teh meh di unggal nagri, sabon poe katon, tur nimbulkeun huru-hara bae, keur Halipah nambihan kapusing, ampir saban usik, mareuman nu rusuh.
  9. Muawiah ngangseg beuki wani, tur beuki bedegong, salamina nyieun nyeri hate, nyieun neja nu geus lain-lain, ngahina pamingpin, yen Halipah taluk.
  10. Prajuritna lobana nyalingkir, jeung Halipah adoh, sikepna ge pura-pura bae, sabagian milu ka Hawarid, sabagian nyingkir matak bingung wungkul.
208