Ieu kaca geus diuji baca
- benteng nu rug rug, teu bisaeun walakaya, patumpuk geus jadi mayit.
- Kaunggulan perang Basrah, geus netepkeun pamarentah Ali, dipandang ku rayat umum, di Basrah tembong kuat, ngan hanjakal pangaruh rasa ngamusuh, propaganda Muawiah, di Basrah geus lega teuing.
- Ngan ukur ubar, tur sakeprul nu teu dianggap mahi, sedengkeun anu ngamusuh, pangaruh Muawiah, di Basrah teh geus asup ka lembur-lembur, sapropinasi nagari Basrah, harese lesot na deui.
- Sagigireun nagri Basrah, unggal ter pat mindeng ribut tur rujit, kakacoan, sering timbul, lir perang urat sarap, nu ahirna perang rongkah ribut tarung, nu geus mawa pangorbanan, jumlahna henteu saeutik.
- Aya deui leuwih hebat, pemberontakan nu geus jadi di Parsi, di wewengkon palih kidul, ti golongan Hajiah, nu dipingpin ku al Haris ibnu Rasud, ngageumpeurkeun bangsa Arab, penduduk nagara Parsi.
- Kajadian keur harita, geus ngaganggu ka Amiril Mu’minin, margina nu matak kitu, nyaah gede jasana, al Harit teh ka Halipah loba tulung, waktu peperangan onta, kaduana keur di Sipin.
- Antara tugas jeung cinta, Halipah teh kapaksa kudu adil, mareuman seuneu keur hurung, numpes pemberontakan, ngan untungna kaburu bisa dilingkung, sanajan jeung mawa korban, seuneu hurung pareum deui.
- Kayakinan bangsa Arab, nu katelah ibnu Rasud al Haris, yen jalan nu leuwih alus, dipandang nu sampurna, pikeun nyegah kuah darah rusuh tarung, katelah perang sudara, Muslimin reujeung Muslimin.
- Pamarentah kedah robah, kudu ganti makena sistim
211