Ieu kaca geus diuji baca
- majlis, Dewan Pertimbangan Agung, ku Amru sareng Musa, geus dihanca waktu pamilihan umum, teu kantos tamat dibahas, kaselang nu sejen deui.
- Ku Halipah geus kagambar, cita-cita ibnu Rasud al Hirit, yen pantes kudu digugu, sistim pamarentahan, diturutkeun rek makekeun majlis agung, al Hirit geus dicelukan, bade diajak badami.
- Al Hirit kocap nepangan, jeung Halipah rek sawala badami, hanjakal sagede gunung, meujeuhna musyawarah, Al Hirit teh ti Kupah parantos mungkur, teu pamit komo bebeja, ngorolos geus indit deui.
- Kacaturkeun hiji mangsa, ngagerakkeun sumanget repolusi, di wewengkon Parsi kidul, napsu anti Halipah, geus ngagedur di kalangan rayat umum, Gubernur kapaksa lumpat, maksudna ngabela diri.
- Pasukan nu lengkep kuat, ku Halipah ka Parsi geus dikirim, al Hirit tetela kabur, diiring ku baturna, terus ngidul nyarumput di sisi laut, pasisir laut India, di dinya buni caricing.
- Alhirit maksa ngarayap , ngajak-ngajak ka rayat sangkan ijid, ka Halipah sangkan ngamuk, atawa teu percaya, terus bitu di Bahrain rahayat kurung, prak ngayakeun huru-hara, Bahrain ge lautan getih.
- Nu ngamuk geus dipareuman, ku tentara ngahaja geus dikirim, rahayat untung katulung, karaman geus dihajar, burak-barik ge taya nu hirup, al Hirit misan ti heula, baturna kabeh beresih.
- Sanggeus beres pemberontakan, Pamarentah bisa ambekan deui, di Parsi bagian Kidul, tengtrem ayem lalega, Gubernurna ka Parsi geus bisa wangsul, digawe kuma biasa, lancar kumaha sasari.
- Di Parsi nember ambekan, pemberontakan di Kirman
212