Ieu kaca geus diuji baca
- nyenyeri, dimana ngapruk ka lembur, atawa ka padesan, tanpa ijin maranehna nyieun rusuh, mentaan pajeg kapala, ka rayat kaom Badewi.
- Rahayat henteu masihan, ku lantaran sok sering dinyenyeri, diganggu.nepi karusuh, mentaan henteu sopat, Gubernur teh nenjo kitu timbul bingung, Muawiah kurang ajar, sanajan keur darma bakti.
Durma
- Dina pupuh nu anyar pisan kali sajarah mere warti, pihak Muawiah, geus leuwih kurang ajar, tetela geus leuwih bengis, sawenang-wenang, mentaan maksa.
- Ka sing saha urang Arab nu ngalawan, teu daek mere budi, komo teu narima, teu daek kadatangan, atawa teu mere duit, pajeg nagara, disiksa dinyenyeri.
- Ku ayana gerakan ti Muawiah, nu sering bulak-balik, sanajan sok gagal, atawa beubeunangan, rahayat sidik ngajerit, menta bantuan, pamarentah caricing.
- Sababna mah tinangtos bisa kagambar, pamarentah keur krisis, geus teu Walakaya, ngalawan Muawiah, nu wani ka rayat leutik, ti kaanggangan, nyieun nyeri ka Ali.
- Pikeun nutup sagala kahariwangan, risi paur jeung gimit sangkaan Ttahayat, pemberontak dihajar, Halipah ngirim prajurit, Keur maju tandang, pasukan lengkap kumplit.
- Gerak tandang pasukan nu kuat pisan, nguriling siang wengi, nepi ka Siria, ka pusat pamarentah, kota Balbek geus dieusi, ngan saliwatan, musuhna teu barijil.
- Ti dinya mah mengkol ngaler ka Arakah, laik ngetan saeutik, bras ka wates Irak, pasukan Muawiah, dijorag diajak jurit, henteu ngalawan, mun bongoh datang deui.
214