Lompat ke isi

Kaca:Wawacan Sajarah Khulafaaurrasyidiin II.pdf/217

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus diuji baca
  1. Hiji waktu maranehna geus ka luar, meuntas walungan Tigris, arasup ka Irak, meureun ngabebegigan, teu lami baralik deui, ka nagarana, ukur nembongkeun gigi.
  2. Buktina mah keur perang nu sabenerna, saperti keur di Sipin, pikeun Muawiah, teu wanieun ngalawan, ngan ukur jadi bebegig, ngabebedaan, dijorag teu barijil.
  3. Halipah ge jigana_kirang tanaga, pasukan anu kumplit, keur ngepung Siria, nepi kabebeakan, kapaksa ngagero deui, ti unggal tempat, prajurit nu pinilih.
  4. Geus katingal Halipah kurang sayaga, waktu Busur nu bengis, pihak Muawiah, datangna rek ngajorag, teu bisa gasik diusir, lebah harita, Busur geus ngeunah seuri.
  5. Ka Madinah Busur geus mawa pasukan, tilu rebu prajurit, maksudna rek maksa, ngajakan rahayat, supaya pindah ngahiji, ka Muawiah, ngantun Halipah Ali.
  6. Nu teu nurut ka Busur gancang diancam, diteken tek dipeuncit, saha nu teu beat, henteu ngaku Halipah, ngaku Amiril Mu’minin, ka muawiah, pasti moal hirup deui.
  7. Madinah ge karasana beuki panas, harengheng matak ketir, rahayat di paksa, Gubernur ngantun tempat, ka Kupah lumpat ngabecir, niat laporan, rahayat kantun ceurik.
  8. Geus Madinah ngerembet teras ka Mekah, Busur ngayakeun aksi, biasa papaksa, teu beda* di Madinah, Gubernurna sami ngacir, lumpat ka Kupah, diancam rek dipeuncit.
  9. Beres Mekah Busur teh pindah ka Yaman, di dieu aksi deui, kumaha di Mekah, rahayat sina beat, sina tunduk jadi hiji, ka Muawiah, nu nolak jadi mayit.
  10. Gubernurna putrana Ki Tbnul Abbas, sarua lumpat
215