Lompat ke isi

Kaca:Wawacan Sajarah Khulafaaurrasyidiin II.pdf/218

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus diuji baca
    ngacir, karunya putrana, nepi ka duanana, padahal budak leutik, diparaehan, ku Busur dipateni.
  1. Kajadian nu di luhur geus nerekab, ka Halipah geus tepi, gancang mepek balad, pasukan lengkap kuat, meh opat rebu prajurit, hanjakal elat, Busur geus indit ngacir.
  2. Bahaya teh ti Yaman—Mekah—Madinah, kudu baralik deui, beat ka Halipah, sakumaha biasa, ditampi ku wening galih, geus katulungan, beres geus rapih deui.
  3. Lampah Busur ngajengkelkeun ka Halipah, matak nyeri jeung peurih, komo kauninga wirebing saderekna, Akil Abnu Abi Tolib, milu ngabangkang, jeung musuh jadi hiji.
  4. Abnu- AKil lumpatna teh kasiria, rek ngagabungkeun diri, sabab kasieunan.milu ka Muawiah, ka Halipah teu permisi, nyata borangan, ngan mentingkeun pribadi.
  5. Aya deui nu ngeselkeun ka Halipah, matak pusing tur rungsing, ku dulur mindona, nu katelah Abdullah, Gubernur be lanca-linci, ngantunkeun tugas, ti Basrah lumpat ngacir.
  6. Ki Abdullah lumpatna asup ka Mekah, di dinya terus mukim, _mawa kas nagara, teu sangka geus hianat, ku Halipah geus di panggil, rek dipariksa, lumpatna beuki tebih.
  7. Kakacoan ditambah ku karuwetan, datangna silih ganti, jiga nu dihaja, Halipah kawalahan keur ngepung sinareng nakis, nguber karaman, golongan nu darolim.
  8. Muawiah beuki dieu tambah jahat, geus ngirimkeun prajurit, nyieun kakacoan, ngatarampog jeung rarampas, musingkeun ka nu keur mingpin, kudu diudag, hanjakal sok ngalacir.
  9. Muawiah tacan beres dikepungna, Hawarid hudang deui, nyieun huru-hara nyieun onar di kota, ditumpas beak beresih, nu hirup lumpat, ngahiji jeung Badewi.
  10. Nu maslahat keur ngurangan karuwetan, jalana ukur hiii,
216