Ieu kaca geus diuji baca
- ku babadamian, sinareng Muawiah, sanajan henteu jeung batin, pikeun nagara, supaya repeh rapih.
- Geus kitu mah Halipah jeung Muawiah, saling ngirimkeun kurir, ngayakeun hubungan, pikeun babadamian, untungna sarua ngarti, saling hargaan, jangji bade ngahiji.
- Harita teh taun opat puluh Hijriah, sasih jumadi lahir, taun Masehina, taun genep ratus, genep puluh jadi tambih, babadamian, Muawiah jeung Ali.
- Diayakeun reureuh tina silih jorag, diganti ku badami, gencetan sanjata, ngayakeun petjangjian, seja bade silih asih, saling hargaan, di tempat masing-masing.
- Nu hianat biasana sok katara, badami ukur taktik, ngan pikeun ambekan, sangkan bisa lalega, teu lami geus maju deui, nyieun pitenah, Muawiah geus jalir.
- Jalir jangji geus wani pasang subaya, nipu Halipah deui, manehna marudah, geus ngagosok rahayat, tur ngangkat dir pribadi, jadi Halipah Yerusalem dipilih.
- Yerusalem Pusatna Pemerintah, tempatna pikeun cicing, harta ceuk beja, taun genep ratus, genep puluh keur tambih, ninggang bulana meneran sasih Juli.
- Mireng kitu Halipah bendueun pisan, mepek balad nu kumplit, prajurit petingan, jumlahna opat laksa, pasukan. barani mati, pisabilillah, bebenteng medan bakti.
- Tentarana jumlah opat laksa tea, siap sayaga indit, ngajorag siria, merangan Muawiah, nunggu waktu nu mustari, keur tandang perang, nganti ka medan bakti.
― ◎ ―
217