Ieu kaca geus diuji baca
XVI. HALIPAH ALI WAPAT.
Kinanti
- Kaom Hawarid ngalamun, marudah henteu caricing, arusaha nyiar jalan, lantaran risi hawatir, ku eureuna silih jorag, ti Muawiah jeung Ali.
- Margina numawi bingung, ceuk Ki Muljan ti Hawarid, pamarentah lamun lancar, harapanana teh leungit, keur milih hiji Halipah, nu kenging ridoning Gusti.
- Tangtungan Muljan nu burung, pamingpin kaom Hawarid, ayana dua Halipah, Muawiah reujeung Ali, teu meunang rido Pangeran, kapaksa kudu diganti.
- Padahal lamun diemut, Halipah anu dipilih, anu sah ngaganti Usman, nya eta Halipah Ali, hanjakal ku Muawiah, geus maksa misahkeun diri.
- Nu ahirna timbul rusuh, ngagosok rahayat leutik, yen Halipah Ali teu sah, kudu milih anu resmi, nya eta dirina pisan, Jadi Amiril Mw minin.
- Hawarid bodo balilu, geus beunang ku propakasi, percaya ka Muawiah, meunang Amru nunjuk milih, sanes pilihan rahayat, Muljan ngaku bener aing.
- Sanggeusna kenging pituduh, Muawiah sareng Ali, ngayakeun babadamian, nyu maksudna rek ngahiji, Hawarid mah kurang ajar, teu sukur malah misengit.
- Basana matak hanjelu, ku naon make badami, Ali sareng Muawiah, mun kieu nyamos moal hasil, keur ngarobah pamarentah, keur milih Halipah deui.
- Ku lantaran teu satuju, ka Muawiah jeung Ali, Ki Muljan reujeung baturna sabeungkeutan jadi hiji, ngayakeun rapat rusiah, di Hejaj milih nu buni.
218