Ieu kaca geus diuji baca
- dibagi tilu rombongan, anu kahiji ka Mesir, kadua Muljan ka Kupah, katiluna nu ka Damsik.
- Jauh moal burung cunduk, tebih moal burung tepi, anggang tangtu bakal datang, tekad buleud gilig pikir, niatna pisabilillah, padahal napsu idajil.
- Dasar kudu panjang umur, harita meneran gering, panglima perang Ibnul Ash, Jumaah henteu ka Masjid, Kapten nu meujéuhna hut’bah, geus dikepung ku Hariji.
- Nu hutbah meujeuhna husu, mepeling kaom Muslimin, digerebeg ditelasan, ku Hariji ti Hawarid, kapten misan saharita, Harawid aksi di Mesir.
- Sinigeug anu di luhur, ngantunkeun lalakon Mesir, kocapkeun nu di Siria, Hariji sarua kesit, marilu netepan Jum'ah, jeung rayat galo ngahiji.
- Muawiah kocap cunduk, bus asup ka jero Masjid, jung ngadeg di pangimbaran, rek hutbah kuma sasari, teu terangeun keur diarah, ku Hariji nu barengis.
- Keur jongjon hutbah cumeluk, keur nasehat tur mepeling, ti kenca katuhu nyerang, gerakan kaom Hawarid, nyabut pedang jleng laluncat, Imam teh diarah pati.
- Geus kitu kersa nu Agung, gerakan kaom Hawarid, rek nélasan Muawiah, geus dikepung ku Muslimin, Hawarid lolos lalumpat, malabur kanu tarebih.
- Muawiah labuh nyuuh, burah bareh mandi getih, nangkuban di pangimbaran, gera-gero bari nangis, sasambat ka Gusti Allah, jigana bawaning nyeri.
- Nu aya ribut maturu, narembongkeun bela pati, Muawiah prak dipayan diajak mulih, kulawargana midangdam, raong rame ku nu ceurik.
220