Lompat ke isi

Kaca:Wawacan Sajarah Khulafaaurrasyidiin II.pdf/225

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus diuji baca
  1. Pedang Muljan nu ngucur pinuh ku getih, geus beunang dirampas, manehna ceurik ngawiwiw, di koroyok ku rahayat.
  2. Blag-bleg dor dar teuteungeul geus jadi hiji, Ibnu Muljan rusak, ngalempereh teu eling-eling, mandi getih baloboran.
  3. Baturna ge nu saurang geus teu usik, geus teu walakaya, disiksa dibuntang-banting nepi ka misan harita.
  4. Ngan hanjakal ari nu saurang deui, nu jaga di luar, ngadurugdug lumpat tarik, sanajan geus bari pincang.
  5. Waktu lumpat dikepung kaom Muslimin, jeung dibaledogan, bar ber batu anu tarik, ngeunaan kana sukuna.
  6. Sagigireun nu ngepung ka urang Taim, sabagian umat, nguruskeun Halipah Ali, dicarandak ka bumina.
  7. Untungna teh Halipah bet tetep eling, tur katingal kiat, anjeunna teras wawarti, kaputrana nelah Hasan.
  8. Lamun bapa dipundut Nu Maha Suci, tur nepi ka ajal, Muljan kudu dipateni, satimpal reujeung dosana.
  9. Ngan cuan ulah pisan dinyenyeri, jeung dikaniaya, dicegah ku Kanjeng Nabi, dilarang ku Rasulullah.
  10. Pangiringna tumaros bari jeung ceurik, naha kapayunna, milih Amiril Mu’minin, kang putra pikeun gentosna.
  11. Walonna teh eta mah teu langkung teuing, moal rek ngahalangan, sabalikna mo ngurihit, nyanggakeun ka umat Islam.
  12. Saterasna Halipah teh pok mepeling, ka dua putrana, ka Hasan Husen ge sami, sangkan hirup tarawekal.
  13. Iklas manah sinareng suci beresih, tur karena Allah, sarta kudu silih asih, paeh hirup babarengan.
223