Ieu kaca geus diuji baca
XIX. JASA HALIPAH ALI.
Asmarandana
- Salami Halipah mingpin, keur ngatur pamarentahan, kiwari meureun Presiden, pikeun nagara Islam, nu pinuh ku karaman, harita mah teu kaburu, pikeun nambahan daerah.
- Sanes anjeunna teu kesit, keur ngalegaan wilayah, sok komo mun lelewodeh, harita teu kabeneran, keur seueur karuwetan, nepi ka meakkeun waktu, anu kedah dipayunan.
- Karuwetan beuki nambih, mangrupa rebutan paham, eces ebreh katarembong, tina soal cita-cita, jalan agama Islam, tungtungna geus nungtun ripuh, akibatna peperangan.
- Nalika Halipah Ali, ambahan jeung pamadegan, pilsapah Islam tarembong, di kalangan umat Islam, harita rame pisan, nya kitu sabada ngantun, keriweuhan beuki tambah.
- Pamadegan anu penting, soal amal reujeung iman, tur bakti milampah hade, ngajungjung Agama Islam, jadi haji ujian, sakapeung mah matak ripuh, sok nimbulkeun salah paham.
- Persoalan mngurus nagri, atawa pamarentahan, nimbulkeun tugas nu gede, mangrupa kakawasaan, pikeun hiji Halipah, dina nyusun reujeung ngatur, pikeun ngaraksa nagara.
- Sipat pamingpin nu penting, jeung tanaga bedas rongkah, luhung budi hade hate, jadi modal perjoangan, keur kapala nagara, sipat iklas sareng jujur, bisa nimbulkeun wibawa.
- Sagigireun anu tadi, seueur pisan patarosan, mana nu dianggap hade, sipatna pamarentahan, nu ku hiji Halipah, sareng sistim dewan agung, henteu lesot musawarah.
- Datang ti sisi ti gigir, timbul rame patarosan, naha
229