Ieu kaca geus diuji baca
- bangsa kures bae, nu kudu jadi Halipah, nu hak ngatur nagara, meh
pikeun saumur hirup, nepi ka lebur kiamat.
- Keur jaman Halipah Ali, geus nimbulkeun paham anyar, dianggapna geus nyeleweng, geus angegang tina agama, tina ajaran Islam, nu jadi tungtunan Rasul, pingpinan Nabi Muhammad.
- Nya eta paham Hawarid, kaduana paham Siah, duanana ge galede, ahirna matak teu aman, nimbulkeun pacogregan, huru-hara rusuh tarung, ngajadikeun peperangan.
- Sagigireun bukti rujit, nyieun riweuh ka Halipah, hadena mah aya bae, geus nyumbang alim-ulama, Sareng sajarah Islam, dicukcruk Supaya maju, nepi ka akar-akarna.
- Nu jadi paham Hawarid, nu narik alim-ulam, tokoh Islam nu galede, keur jangka Sapanjang masa, tina hal pernyataan, golongan Islam nu ngantun, geus marisah ti Halipah.
- Pahamna anu diulik, dihormat didama-dama, diaranggap leuwih hade, dibelaan ku Pasea, atawa peperangan, hal iman jeung amal wungkul, mana nu leuwih mangpaat.
- Umumna urang Hariji, nolak paham ukur iman, henteu jeung amalan Soleh, nepi ka baranting tulang, pikeun dasar ibadah, dianggap kosong nalapung, mun iman jeung amal anggang.
- Basana pikeun Muslimin, nu baroga laku lampah, nyieun dosa nu galede, tetela kedah dianggap, jelema enggeus nyimpang, atawa disebut kupur, nu ing kar tina agama.
- Kayakinan ati Hariji, tina hal pamarentahan, kas sing saha nu saroleh, harade iman Islamna, sarta ariklas manah, nu kitu dijungjung luhur, diangkat didama-dama.
- Atawa suci beresih, hirupna teu boga noda, sanajan golongan Negro, mun hade laku lampahna, karuat agamana, sarua tetep dijungjung, diangkat kana Halipah.
230