Ieu kaca geus diuji baca
- Jigana teu mikir deui, saharita pok dijawab, persoalan beres rengse, umat barungaheun pisan, dibere katerangan, geus kitu mah hutbah terus, neraskeun deui hancana.
- Cariosan sayid Ali, tetela mangrupa hikmah, mutuna harade kabeh, buktina para sarjana, nganggap dawuhannana, hikmana wungkul saluyu, sareng Nabi Sulaeman.
- Mung sakieu nu kawarti, mangrupakeun sipat jasa, nu ebreh bisa dikoreh, pamuga sing jadi bahan, keur umat ahir jaman, pibekeleun urang hirup, keur nu anom ngulandara.
Sinom
- Sing saha nu terang Allah, geus tingali ka Ilahi, tinangtu bakal sumerah, nyerahkeun diri pribadi, ka Gusti Maha Suci, ka pangersa Anu agung, terangeun pribadina, pasti baris ati-ati, rek usaha nyerahkeun raga jeung nyawa.
- Maksudna ieu dawuhan, pedaran Halipah Ali, ka umat ngajak tumeda, sumerah raga jasmani, mambrih supaya suci, jauh tina basa kupur, sawangsulna rumasa, mahluk mah kabeh ge do’ip, usik malik lintang ti kersa Pangeran.
- Kadua dawuhanana, nu mulya Halipah Ali, mun Allah geus mikacinta, mikaasih hiji jalmi, eta jalmi beresih, hirupna tinangtu jujur, terangeun kawajiban, kenging pituduh Iahi, bakal to'at milampah hukum Pangeran.
- Katiluna nyata natrat, dawuhan halipah Ali, sumangga itu dihandap, disalin ebreh taliti, saha nu jail dengki, ka batur sok resep hasud, saleresna cilaka, ngisinkeun diri pribadi, sami sareng nganiaya ka awakna.
- Pikeun jalan nu dihontal, mangrupikeun jalan penting,232