Lompat ke isi

Kaca:Wawacan Sajarah Khulafaaurrasyidiin II.pdf/235

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus diuji baca
    pikeun nuju Kaunggulan, kamajuan keur Pribadi, ti golongan Muslimin, laluasa can ditutup, molongpong masih muka, asal umat daek rajin, soson-soson tekun suhud milampahna.
  1. Sabalikna kabeh jalan, ditutup rekep jeung rapih pikeun nuju kamakmuran, kamulyaan lahir batin, nepi ka ampir sempit, nya kitu lamun karipuh, nepi kana puncakna, kapaksa ngadadak robih, jol ciptaan kasempetan nu sanesna.
  2. Nu hirup di alam dunya, kumelip di kolong langit, di mana parantos nilar, ngantunkeun ngaran nu seungit, ieu leuwih utami, atawa kaasup alus, tinimbang harta banda, kaperluan ahli waris, nu ngan ukur matak cekcok jeung baraya.
  3. Ka sadaya umat Islam, nu ayeuna ngiring hadir, sim kuring seja manksa, sabaraha kali deul,aranjeun bade nguping, kalonggaran keur ngarungu, panggero biantara, sipatna penting mucekil, nu tetela sesah pisan kapendakna.
  4. Ceuk emutan can sapira, nu sering tiasa nguping, biantara nu paranjang, pacuan pisan rek lali, ka aranjeun geus nepi, pamingpin moyan aragung, bagian rohaniah, nu nyandak agama suci, narerangkeun kaagungan Gusti Allah.
  5. Para Nabi nu marulya, nu sipatna welas asih, geus jadi pituduh jalan, nu marulya suci bersih, dawuhan Maha Suci, Pangeran Nu sipat Agung, mawa syareat Islam, jalan nu limit beresih, tuduh jalan anu mawa kabagjaan.
  6. Sumangga geura carandak, mangpaatna nu parenting, tina hutbah nu ayeuna, pamugi ulah rek lali, dina danget kiwari, waktuna keur amal umum, atawa keur usaha, ulin, sumawonna mun disebut peretangan.
  7. Poe nu baris kasorang, nya eta mangrupi ciri, tandana keur paretangan, nangtukeun nasib pribadi, dina poean ahir, nyata hisap nu panutup, lain waktu keur amal, saperti waktu kiwari, harita mah moal aya paedahna.
233