Ieu kaca geus diuji baca
- Kitu deui sawangsulna, ka nu daek nganyenyeri, nganiaya pribadina, di dunya baris papanggih, atawa katingali, dimana lamun geus kumpul, atawa kedah nempat; pangbalikan nu abadi, di suwarga atawa meureun naraka.
- Umat Islam nu marulya, hatena suci beresih, barisa ngaraksa awak, rohanina geus dididik, dieusi Nur Mahi, dikir emut ka Nu Agung, netepkeun kayakinan, menerkeun urusan batin, kitu deui lahirna tetep diraksa.
- Reungeukeun ulah harilap, pangeling-ngeling nu penting, saha nu sapopoena, bisa nahan mengkek diri, jauh tina idajil, atawa pangajak napsu, malah mah sawangsulna, estuning suci beresih, geus dianggap aya dina kajayaan.
- Sim kuring hatur uninga, payuneun kaom Muslimin, ka sing saha nu ngarasa, ngaraos sieun ku Gusti, Gusti Nu Maha Suci, nembongkeun hatena jujur, moal pisan borangan, hirupna taya karisi, tengtrem ayem moal aya kahariwang.
- Mun aranjeun hirup susah, atawa saukur hurip, teu bisa mere tatangga, sok komo ka pakir miskin, nu daratang musapir, Pacuan ulah takabur, komo wani ngusir mah, teu aya widi ti Gusti, mun teu boga cukup ku dipersabenan.
- Ka sing saha nu pasea, rusuh jeung salisih batin, sok komo nepi ka dordar, jadi musuh lahir batin, lamun babalik pikir, tuluy musuh menta ampun, kedah gancang hampura, ieu jalan suci bersih, nu sabar mah meunang rido ti Pangeran.
- Ka sing saha nu berehan, resep nulung kanu leutik, atawa ka nu sangsara, nasibna bisa kajait, nepi ka hirup hurip, lungsar-langsar subur mahmur, ieu teh hiji jalan, karidoan Maha Suci, bakal meunang pangampura ti Pangeran.
- Jalan lempeng panghadena, ngadidik diri pribadi, nepi ka hirup sampurna, aya dina rido Gusti, puntanganeun nu leutik, ieu jalan lulus banglus, dianggap leuwih mulya, tibatan ngadidik jalmi, mapatahan ka jelema anu lian.
234