Lompat ke isi

Kaca:Wawacan Sajarah Khulafaaurrasyidiin II.pdf/237

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus diuji baca
  1. Nu kasebat jalma kuat, kaasup jalmi pasagi, nu bisa nahan amarah, bawaning napsu idajil, henteu uni tur Kecing nu leuleus hirupna ripuh, teu aya pangharepan, ngomean diri pribadi, nu teu bisa keur nahan hawa napsuna.
  2. Ukuran jelema iman, sareng Muslimin sajati, moal rek seubeuh sorangan, sok komo nepi ka leuwih, asal sugih pribadi, bari nenjo batur ripuh, nepi ka kKalaparan, ngajadikeun hongerudin, nu iman mah tara mentingkeun sorangan.
  3. Nu disebat panghadena, beres beresih pinuji, hiji amal nu sampurna, dipilampah wening galih, tebih tina munapik, ujub na tur takabur, teu mentingkeun sorangan, sipat hawek ieu aing, nu kitu mah teu kaasup kana amal.
  4. Ari elmu nu mangpaat, nu hade sarta kapuji, nu manjangkeun kawajiban, nepi ka umat ngalarti, tugas sahari-hari, sareng yakin ka Nu Agung, yen urang bakal tepang, sareng Gusti Maha Suci, moal salah patepangna di aherat.
  5. Elmu mah leuwih utama, leuwih penting manan duit, margina kedah uninga, elmu mah warisan penting, warisan para Nabi, sawangsulna kudu weruh, kasebat harta banda, nya eta anu ngamilik, nu ngawaris piraon anu biadab.
  6. Sakitu anu kapendak, dawuhan Halipah Ali, nu mahal lir mutiara, sidik mangrupi. pepeling, pikeun kaom Muslimin, pibekeleun urang hirup, di alam pawenangan, sangkan mulya Jahir batin, nu dipalar karidoan ti Pangeran.
  7. Riwayat para sahabat, nu opat sami parenting, Abu Bakar — Umar — Usman, ditambih ku Sayid Ali, ku sim kuring digurit, dianggap parantos cukup, dina aya lepatna, pamugi kersa ngaksani, kujalaran sim kuring sanes bujangga.
  8. Ngawitan sim kuring ngarang, ngarakit buku didangding, Maret ping dalapan welas, Salasa Wage meh magrib, taun sarebu leuwih, tambahna salapan ratus, jeung genep puluh opat, tempatna keur waktu nulis, Rangkasbitung kota Kabupaten Lebak.
235