Lompat ke isi

Kaca:Wawacan Sajarah Khulafaaurrasyidiin II.pdf/28

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus diuji baca

nagara Islam nu ngatur, sipatna nangtayungan, nanik jijah sakali dina sataun, nu teu sabaraha beurat, pokona tatali batin.

9. Jijah keur bangsa Parsia, nu maksudna sarua jeung upeti, pikeun bangsa nu geus taluk, warga nagara Islam, beda deui sinareng jakat keur umum, husus pikeun umat Islam, leuwih beurat ti upeti.

10. Tujuan anu kadua, tina jijah nu sarupa upeti, timbal balik ti nu taluk, mangrupa panghargaan, maranehna ku Islam dibere ampun, jiwana ditangtayungan, merdika taya karisi.

11. Sanggeus Parsia sumerah, tunduk taluk nampa mayar upeti, Gubernur Amir teu mundur, maju terus ka wetan, tur ngarebut daerah kota Nisapur, perang rongkah bebeakan, Nisapur ahirna kenging.

12. Ti Nisapur masih ngetan, kota Marwa dikepung beurang peuting, nu ahirna terus taluk, nyerah deui ka Islam, geus biasa nu ngamuk terus digantung, dianggap penjahat perang, hukuman peuncit kuriling.

13. Ti Marwa ge teras ngetan, kota Sarah hantem dioperasi, istilah nu keur nyerebu, haram malik ka tukang, mun musuhna can sumerah nangkeup tuur, daerah Sarah geus beunang, ka Islam sumujud deui.

14. Gonimah barang rampasan, ku nu nulis geus teu kudu ditulis, biasa geus jadi hukum, nagara eleh perang, ayeuna ge jigana sarua kitu, jadi milik anu meunang, harita ge meureun sami.

15. Unggal nagara nu nyerah, tunduk taluk ka tentara Muslimin, biasana teu dikantun, mangrupa pangawasan, ti tentara nu nangtayungan Gubernur, supaya pamarentahan, teu diganggu kaco deui.

16. Henteu ngan nepi ka Sarah, pihak Islam ka wetan maju deui, nepi ka walungan Oksus, nu di Hawarismia, di dieu mah perang rongkah rebut hirup, paribasa kuah darah, rebut jiwa mandi getih.


26