Lompat ke isi

Kaca:Wawacan Sajarah Khulafaaurrasyidiin II.pdf/30

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus diuji baca

25. Wakil Panglima geus tandang, ka Sijistan jeung Kirman geus narepi, karaman terus digempur, hantem dicacar bolang, nu teu taluk beresih terus digantung, nu nyerah ampir ngalaksa, daekkeun mayar upeti.

26. Ti Kirman teras ka wetan, ngaler ngidul hantem diburak-barik, musuhna geus tunduk taluk, nagara Islam nambah, kota Herat — Gajana Kabul taraluk, di nagara Apganistan, kabeh geus mayar upeti.

27. Amir Gubernur di Basrah, ku Halipah dibere tugas deui, di sagigireun Gubernur, geus diangkat Panglima, tur jasana leuwih unggul manan batur, nguntungkeun nagara Islam, dihandap bade ditulis.

28. Na taun genep ratusan, lima puluh ditambah dua deui, ceuk itungan taun umum, Masehi nu kawentar, Abu Amir kudu meruhkeun nu ngamuk, karaman pemberontakan, propinsi wilayah Parsi.

29. Kadua anu dijorag, diperangan kudu mayar upeti, nagara anu geus rusuh, Tuharistan jeung Balha, Marwa — Sarah nu paling gede Nisapur, geus tunduk kuma biasa, hasil karya Abu Amir.

30. Panglima nu ngawakilan, geus nengtremkeun dua nagara deui, ka Islam anu geus ngamuk, Sijistan reujeung Kirman, geus ditumpes beresih ahirna tunduk, narurut deui ka Islam, cara bihara-bihari.

31. Sagigireun pangamanan, geus naklukkeun tilu nagara deui, nya eta Herat jeung Kabul, ditambah ku Gajana, tunduk taluk ka Islam marenta ampun, nyerahkeun raga jeung nyawa, nu anom mayar upeti.

28