Lompat ke isi

Kaca:Wawacan Sajarah Khulafaaurrasyidiin II.pdf/32

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus diuji baca

serab hurung mancur, bengras gugurilapan, cahyana nyaangan kuil, ieu arca husus keur nyembah bangsawan.

9. Saterasna ku Panglima, leungeun arca pek ditarik, keplas disabet ku pedang, papisah mecleng tiguling, ngagoler dina ubin, matana coplok dikeruk, dibikeun ka pangeran, ditampi bari jeung ceurik, pangeran teh renghap ranjug kasieunnan.

10. Ceuk Panglima ka pangeran, supaya anjeun tingali, berhala mah teu nyawaan, paeh teu usik teu malik, pacuan mun rek risi, tong paur berhala bendu, sarta moal doraka, moal nyiksa nganyenyeri, teu bisaeun ngayakeun marabahaya.

ll. Sim kuring ngarasa heran, anjeun teu daek mikir, berhala naha disembah, barang paeh henteu usik, nu nyieun oge jalmi, mending nyembah ka Nu Agung, jasa ngahirupan, mahlukna urang ngajirim, Gusti Allah nu kagungan ieu alam.

12. Putra mahkota Sijistan, melengek jiga nu mikir, tetela ewedeun pisan, kawantu nu nembe nguping, panerangan nu telik, hual-hiul lir nu bingung, pangeran pok nyarita, sanggemna sumeja mikir, jung arangkat ti kuil teras ka luar.

13. Saterasna ceuk sajarah, Sijistan teh matak pusing, geus mindeng pisan barontak, putra mahkota nu mingpin, pihak Islam teu cicing, saban ngamuk der digempur, hantem dicacar bolang, nepi ka ledis beresih, nu nyerah mah kabeh oge dihampura.

14. Ti Islam tetep salabar, nurutkeun badami deui untungna waktu harita, umat Islam beuki nambih, geus meh saparo leuwih, ti jumlah rahayat umum, prak nyieun perjangjian jigana mo robih deui, tep tumetep ditangtayungan ku Islam.

15. Najan aya perjangjian, nu kiat moal rek robih, pangawasan ti Tentara, diatur leuwih tarapti, prajurit nambih deui, didatangkeun ti nu jauh, sabab tetep curiga, pangalaman seueur bukti, unggal tempat dieusian ku Tentara.


30